Dina Hiji Subuh
haseup roko minuhan rohang
awor jeung runtuyan lamunan nu rapang dina emun-emunan
sagelas kopi ngebul keneh, katingali beku maturan ngisedna waktu
tiap regotanna can bisa ngudaran reangna sakur bangbaluh
basa panon poe hese beleke nyingraikeun halimun subuh
nu ngapit kasimpe nu jiga teu geruh
padahal di luar sosoraan ti bangsa mesin geus mimiti ngaguruh
haseup roko nyaatan,
nyesakeun kalangkang, nu matung teu ngaringkang
ngan ukur kiceupna, bari imut kaselang
kuring kerung, neuteup seukeut nelek-nelek
; saha anjeun, ti mana anjeun?
rohang angger jempling, si kalangkang api lain
biwir nu ipis, ngagelenyu manis
ngahaleung, galindeng nu matak lewang
nongtoreng nungtun lamunan
jol ebreh narembongan, nataan lalampahan
kuring anteng, sakeudeung peureum
waktu geus ti tatadi jiga nu milu eureun
ukur renghap nu antare mapakan simpe
haleuang ge geus teu kadenge
lalaunan beunta, rohang bet asa beda
; kuring di mana?si kalangkang ngabalieur
teu aya deui imutna, ukur gerak biwir nu ngageter
si kalangkang tuluy nyuuh, bari panon baseuh juuh
; kuring nya anjeun, ngan anjeun teu daek wawuh
; anjeun kalangsu,nyucruk laratan nu ewuh
haseup roko ngarapung deui
pating kurumuy dina lalangit rohang nu tadi,
keur ngagurat runtuyan sepi
sagelas kopi tinggal dedekna
nu liket beak amisna
basa panon poe geus rada luhur
nu bakal nganteurkeun sakur kapaur
atra kasimpe
rosa minuhan hate
; iraha, nyingrayna ieu lalangse?....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar