Selasa, 19 Januari 2016

kumpulan sajak basa sunda

 
sore disarigsig girimis
mirig lampu jalan nu pating karetip
basa lengkah anjog di gapura wates dayeuh...
bet asa mudal sakur kereteg
ngudaran lalakon simpe, 
dina lamunan nu leleb 

di lebah tikungan, peuntaseun selter beus
jalan nu bakal mapaikeun sakur kareueus
kecap  hate, teu jempe...hariweusweus
sagala rusras, asa waraas
fragment beureum semu kayas
gening teu kungsi laas

langit beuki angkeub
hujan mingkin kerep


lampu kota nu mageran jalan
anteng maturan lamunan
dina sela renghap nu panjang
aya gerentes, ngeja hiji ngaran

Tidak ada komentar:

Posting Komentar